BAPA

Sanggian : Yudi Hidayat Suwandana

 

Bapa.........................

Dina sela renghap nu haropak

Dina lengkah nu jumarigjeg

Aya geter rasa nu nyaliara

Jentre tur pertela

Na lolongkrang rasa katresna

 

Bapa.........................

Tisaprak abdi gelar ka alam dunya

Loba pananya nu teu kedal

Ebreh mapaesna indung peuting

Ku murubulna cimata

Hayang cumarita.........................

 

Bapa.........................

Teu etang jasa bapa kanggo abdi

Ti leuleutik nepi rek mangsa dewasa

Bapa sabar jeung tawekal

Ngaheuyeuk, ngajeujeuh, tur mikanyaah

Da puguh abdi can sawawa

 

Ya robbi.........................

Pangdugikeun ieu hate

Ku geterna rasa deudeuh

Ka bapa nu pernah ngayuga

Sangkan henteu kapicangcam

Raga teu rumasa ngalangkang

 

Bapa.........................

Na renghap dumadi abdi

Nasireup getihna abdi

Aya deudeuh, aya nyaah

Nu moal neupika suda