DU'A BUDAK

Sanggian : Yudi Hidayat Suwandana

 

GUSTI.......................

Pangguarkeun ieu rasa

Tina peuteungna dunya

Pikeun muntang saraya

Tina sagala dosa

 

GUSTI.......................

Pangnangkeupkeun ieu nyawa

Nu miang taya nu nanya

Taya tapakna ayeuna

Ngan saukur ngumbara

 

GUSTI.......................

Dina amparan sajadah

Cipanon ngembeng caah

Neda pangampura sadrah

Tetekon ti gusti pasrah

 

GUSTI.......................

Pangdugikeun ieu rasa

Nu ngembat sagara dosa

Muga jembar pangampura

Pikeun nyangga kalanggengan pahala surga