Kalangkang na tungtung kamelang

Sanggian : Yudi Hidayat Suwandana

 

Basa harimumu nyangkaruk dina batin nu keur kingkin

Rasa ngoceak ngungkulan batin

Katambias marengan bulan nu pias

 

Mangsa panon poe lingsir ngulon

Aya duriat masket

Na tungtung regang kamelang

 

Teuteup nu kamari liuh, kalindih napsu nu teu puguh

Reret nu pageuh masket, kiwari tinggal nyeredet

Kapeupeuh galura rasa

 

Najan anggang na kalangkang

Anjeun bet kokolebatan

Mawa asih nu nyantel na lelembutan